Kamis, 16 Mei 2013

LANGLAYANGAN


Hate res-resan teu puguh rarasaan. Ongkoh bungah, tapi hariwang. Nu satadina mah ngan sakur banyol teh ayeuna mah jadi bener. Mun keur cicing, manehna sok ngalangkang dina panon. Tapi ari paamprok mah biasa wae hate teh, rasa eta jiga nu leungit. Aya kana dua taunna diajar mopohokun naon nu ngarana cinta, malahan geus teu apal-apal acan naon nu disebut cinta teh. Sanajan babaturan sakelas unggal istirahat sok diulinan ku kabogohna ge sugan aya rasa kabita da henteu. Tapi naha ayeuna rasa éta datang deui? Lain teu narimakeun cinta pamere ti Gusti, tapi sieun di kuciwa keun deui jiga baheula. Enya ayeuna jeung baheula beda, tapi da angger tung-tungna mah sarua nyeri hate keneh.
Sabot menehna sering ngasms, aya kasono mun sms teu diwales deui teh. Bari  jadi resep nyorangan di kamer bari ngoprek hp ngadon smsan jeung manehna. Harita manehna nyarita yen ayeuna teh keur resep ka hiji awewe geus tilu teun ceunah mah. Teu jiga biasana manehna ngajakan nyarita da poe-poe katukang mah ngan smsan nu teu pararuguh. Ngarasa panasaran, dipapay sakumna babaturan nu di pikawanoh tapi ceunah mah lain. Rada aya ngaharep mugia awewe eta teh kuring.
Tapi ari dirarasakeun mah asa diulinkeun hate teh. Sakapeung jiga nu mere harepan, tapi ari ngarep-ngarep les menehna leungit. Jiga barudak nu keur ulin langlayangan, dibetot-diundur sangkan bisa ngapung luhur. Tapi ulah waka su’udon, anggap we banyol. Tapi da ari hate mah teu bisa di bobodo, teu bisa di henteu-henteu. Mun teu dipaparinan ka era mah, geus diobrolkeun ti baheula na oge. Tapi da bubuhan eleh jajaten, jadi nepi ka kiwari ge disumput-sumput keneh. ‘Keun wae lah, engke oge leungit sorangan ieuh’ ceuk kuring dina jero hate. Da biasana mah sababaraha poe ka hareup sok geus poho.
Kapeung ari keur bener-bener sono, sok di sms ti heula, tapi ayeuna mah geus henteu deui da bisi katutuluyan. Biasana mun keur aya nu dipikaresep, sok ka impikeun, tapi manehna mah henteu. Asa aya ku heranna, sabab naon naha bet bisa resep ka menehna? Sagala na oge biasa wae. Bageur, da ka babaturan nu sejen oge jiga kitu ongkoh eraan deui. Tapi ari keur hereuy mah sok kamalinaan. Mun bagean istirahat manehna mah sok cicing nyorangan di kelas teu jiga nu sejen, nu sok ngalabring ka warung. Rajeun kaluar ngan ka mushola wungkul.
Kiwari sanggeus ku kuring di brehkeun yen ayeuna hate teh keur resep ka lalaki, manehna jiga nu ngajauhan. Mun panggih teh boroning daek seuri jiga baheula, nu aya kalahka ngingkah, ngajauhan. Teuing kumaha mimitina naha bet manehna bisa kitu, aya rasa kateu ngeunah dina ati da geus aya kana samingguna teu patanya. Kuring ngan sakur bisa nenjo manehna ti kajauhan. Asa rada hanjakal, kunaon beheula kuring teu jujur wae yan nu dipikaresep tah manehna mereun moal ngabatin jiga kieu.
***
Teu karasa ayeuna geus pelulusan deui. Inget kana jangji manehna baheula yen rek ngobrolkeun naon nu aya dina jero hatena salila ieu. Rasa nu baheula nyicingan ieu hate aya keneh nepi ka ayeuna. Kuring neneangan manehna, panon teu weuleh papaya kabeh juru anu aya dina rohangan ieu. Tuh geuning dijuru, keur dieuk jeung Laras. ‘keur pedekate mereun’ ceuk kuring dina jero hate. Manehna ngalieuk, seuri wen kuring teh. Manehna nyampeurkeun, gek diuk gigireun.
“Sinarieu nyampeurkeun?” ceuk kuring teh.
“Ari kitu ulah?” ceuk manehna teh.
“Henteu, aneh we da biasa na mah sok ngajauhan.” ceuk kuring.
“Banturan kuring yu!”
“Banturan kamana?” kuring heran.
“Lah, hayu wen!” ceuk manehna bari menyeng kuring kaluar ti aula.
“Aya naon deuih?” tanya kuring.
“Cicing, ulah loba obrol! hayu wen tuturkeun!” ceuk manehna bari tuluy leumpang ngajauhan aula.
Dihareupeun kelas IPS 5 manehna eureun. Tuluy malik bari ngajakan diuk. Manehna ngarenghap heula tuluy ngobrol,
“Sabenerna ti baheula kuring teh....” manehna teu nuluykeun obrolanana.
“Kunaon maneh?” ceuk kuring heran.
“Duh, teu ngeunah eung!” pok na teh.
“Maneh bogohnya ka urang?” ceuk kuring ngaheuruyan.
“Ih, ni maneh-urang! Rada lemes geura pami nyarios teh!” manehna rada ambek.
“Oh, sok atuh balikan deui, salira resep nya ka sim abdi?” ceuk kuring dihereuykeun.
“Emm.... mun enya kumaha? Mun henteu kumaha?” manehna malik nanya. Hate rada keheul, sabab patanyaan eta teh jiga nu ngamaenkeun.
“Mun enya kunaon? Mun henteu nya teu kukumaha!” ceuk kuring.
“Henteu ih!” ceuk manehna bari ngabalieur. Rada aya rasa kuciwa, sabab manehna geus bener-bener ngulinkeun hate kuring. Enya baheula kuring oge sok jiga kitu ka manehna, boa ieu tah karma ti Gusti sabab kuring ngagheuruyanna kamalinaan. Kuring tuluy cicing teu hayang ngobrol nanaon.
“Naha kalahka cicing?” manehna ngareuwaskeun kuring.
“Henteu, teu kunanaon. Eh, tadi aya naon ngajakan ka dieu?” ceuk kuring.
“Ngajakan niis wen, heurin diditu mah!” pok na beri neteup langit. Kuring sakur seuri wen wungkul. Teu aneh dikuciwakeun jiga kieu, sa geus diasa, unggal poe dikieukeun ku manehna.
Pangharepan ngan sakur pangharepan kosong, menehna ngan sakur hirup na impenan moal jadi knyataan. Keun wae lah, da mun ngajodo mah moal kamana ieuh.
*Rengse*

Wasta: Sinta Rostika
Kelas: XI IPA 4

Tidak ada komentar:

Posting Komentar